Ngahudang Kapanasaran~Abdullah Mustappa

Cover Lain (Ukur) Eta</

Sanajan tulisan-tulisanana téh parondok (iwal nu panungtung dina ieu buku) tapi naon-naon anu ditepikeun ku Teddi téh beunang disebutkeun ngawengku tritangtu sastra, nyaéta puisi, prosa jeung kritik. Ngan saméméh nepi ka dinya, aya anu perlu ditepikeun di dieu.
Éséy-éséy anu aya dina ieu buku, ditulis dina mangsa robahna pola publikasi anu aya patalina jeung téhnologi nyitak. Saméméhna, anu umumna ku urang disebut buku téh nyaéta anu mangrupa citakan, puguh alamat penerbitna jeung nyebar di toko-toko buku. Nyitakna, biasana mah nepi ka rébuan éks. Ari ayeuna, sanggeus aya téhnologi print on demand (POD) nu disebut buku téh geus teu kitu deui lalampahanana. Ku ayana POD, buku bisa dicitak sakumaha butuhna waé. Butuh 100 éks, dicitak sakitu. Butuh 1.000 nya kitu deui. Atuh dina butuhna ngan 50 éks ogé taya halanganana. Lantaran lobana nyitak kawatesanan pisan, balukarna gedé pangaruhna kana nyebarna. Mindeng urang meunang béja aya buku anyar, tapi waktu ditéangan di toko buku teu kapanggih. Sihoréng, disebarkeunana téh geus henteu konvénsional saperti kitu deui. Nu wandana kitu téh biasana bisa dipesen ka média sosial. Malah teu kurang-kurang buku anu dikaluarkeun ku penerbit konvénsional gé dina lebah nyebarkeunana mah nya ngamangpaatkeun média sosial téa. Salasahiji alesanana, lantaran toko buku ménta diskon anu gedé pisan, cenah.
Tapi antara toko buku jeung média sosial téh sigana mah lain dulur lain baraya. Akibatna siga anu papaharé. Nu geus biasa néangan buku ka toko buku teu pati wanoh kumaha carana mesen buku ngaliwatan média sosial. Lain ngan sakadar gagap téhnologina baé tapi ogé lantaran béda carana téa. Sim kuring upamana, teu pati nuturkeun naon waé anu dipidangkeun dina média sosial lantaran teu kuat lila mencrong layar hapé (smartphone) atawa laptop anu matak sérab. Atuh kitu deui anu geus moho kana média sosial, jadi henteu biasa lunta-lanto ka toko buku. Ka dituna, teu mustahil kana bakal teu nyambung téa. Nu geus biasa ngandelkeun toko buku tara pati pareng macaan buku anu disebarkeunana dina média sosial. Atuh anu sapopoéna ngagulang-gapér média sosial nya kitu deui, ngurangan kahayang pikeun lunta-lanto ka toko buku. Sakalina pareng ngobrol, aya kamungkinan hésé nyambungna.
Di sagigireun éta, teu kurang-kurang anu geus ngarasa cukup ku midang dina média sosial téa. Beurang peuting ulukutekna di dinya. Sanajan dina émprona mah aya ogé anu dicitak mangrupa buku anu puguh fisikna (sakumaha haiku jeung fiksimini anu dipedar dina ieu buku). Boh haiku boh fiksimini digedékeunana téh di média sosial.
Ngarasa perlu nepikeun perkara éta téh aya patalina jeung éséy-éséy Teddi Muhtadin dina ieu buku. Sababaraha éséyna medar hasil karya anu hirup kumbuhna dina média sosial téa. Hiji fénoména anu penting pikeun nuturkeun kamekaran sastra kiwari mah.
Teddi Muhtadin téh beunang disebutkeun salasahiji mandahna dina perkara sastra mah. Perhatianana lain baé anu patalina jeung sastra Sunda, tapi ogé kana sastra Indonésia. Nu jadi implenganana ngawengku puisi, prosa, kritik jeung drama. Tangtu aya patalina jeung garapan utamana, ngajar di Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran, Bandung. Kasebutna dosén, tangtu kudu nuturkeun kamekaran sastra jeung budaya. Jeung malah, lain sakadar nuturkeun tapi ogé ngabandunganana kalawan tenget. Éséy-éséy anu kapidangkeun dina ieu buku minangka hasil tina paniténanana anu gemet téa.
Éta sababna, dina tulisan-tulisanana nu dikumpulkeun dina ieu buku karasa pisan kumaha tengetna Teddi dina nyawang jeung nyurahan kahirupan sastra di sabudeureunana. Lebah dieu aya bédana jeung anu nyawangna ukur kalan-kalan atawa saparengna baé. Lebah dinya pentingna ieu buku téh.
Upamana waé dina tulisanana anu munggaran, “Katepi ku Surti Teu Katepi ku Sari”. Togmolna mah ngeunaan naon anu disebut puisi bari pamianganana tina kumpulan sajak Wahyu Wibisana, Urang Naon di Cinaon.
Ceuk Teddi dina kalimah bubukana, Puisi, nepi ka kiwari tetep mangrupa réalitas anu hésé didéfinisikeunana. Da mémang kitu pisan. Di dieu Teddi rada papanjangan merkarakeun surti jeung sari. Samentara, keur sing saha anu sok narulis puisi mah (kaasup Teddi ogé), asa teu penting ieuh nénéangan watesan ngeunaan puisi mah. Mending kénéh ngararasakeun naha anu ngereteg dina angen téh geus katepikeun atawa henteu. Keun wé perkara kumaha définisina mah pasrahkeun wé ka para ahli, bari jeung yakin pamanggihna bakal rupa-rupa. Dina dunya kréatif mah mémang kitu ilaharna. Pan cenah kungsi aya anu nanyakeun ari musik jazz téh naon atawa nu kumaha? Aya anu némbalan, lamun musikna lain pop, lain country, lain rock, pokona anu béda tina musik nu geus aya ngaranna, tah éta nu ngaranna jazz téh.
Aya dalapan tulisan ngeunaan puisi (jeung dangding) dina ieu buku téh. Kaasup anu tadina diajangkeun pikeun panganteur kana Laras Skizoprenia beunangna Cucu Nurzaman anu bukuna teu kungsi terbit. Teddi nembrakkeun naon-naon waé anu jadi pamiangan batin nu narulisna nepi ka ahirna ngajanggélék jadi puisi atawa dangding. Ditémbongkeun kumaha wincikan puisi nu ditulis ku Wahyu Wibisana jeung nu ditulis ku Hadi AKS. Béda jaman, béda panginditan, amanat anu nembrak dina karya-karyana ogé némbongkeun patamanan anu warna-warni. Kitu deui dangding-dangding anu ditulis ku Hidayat Suryalaga.
Anu ngahudang kapanasaran téh éséy Teddi anu minangka panganteur kana Laras Skizoprenia téa. Aya katerangan ti Teddi, cenah Cucu Nurzaman (nu nulisna) kungsi kuliah di jurusan Sunda Unpad. Karesepna kana maca leuwih punjul batan babaturanana. Sajakna kawilang loba (ceuk Teddi kénéh, aya tilu bebed). Tapi kuliahna teu junun lantaran kaburu gering téa. Aya béjana cenah terus dipasantrénkeun.
Lamun maca kasang tukangna kitu, meujeuhna lamun urang ngarasa panasaran kana puisi nu ditulis ku Cucu Nurzaman téh. Asana kakara ieu hiji-hijina anu nulis puisi bari kanyahoan keuna ku skizoprenia. Ceuk Teddi deui, skizoprenia téh mun dina basa urang sapopoé mah owah atawa siwah téa. Geuning bisa nulis puisi (tur ceuk Teddi mah puisina téh kuat) sagala? Lantaran anu kakeunaan skizoprenia mah reureundahan, henteu saendeng-endeng.
Jadi ras inget kana film Beautiful Mind. Éta gé nyaritakeun profésor jénius di Universitas Yale AS anu ahirna dilélér Nobel, anu (ceuk basa urang mah) keuna ku owah gingsir atawa skizoprénia téa. Mindeng pisan manéhna ngarasa aya tiluan anu terus nutur-nutur ka mana waé indit, nepi ka ngaganggu kana jiwana. Halusinasina luar biasa. Naha Cucu gé kitu deuih? Naha kituna téh nembrak dina puisi-puisina?
Hanjakal, nu ditembrakkeun ku Teddi saeutik pisan. Lamun aya nu haat mah, sigana bakal aya mangpaatna lamun sajak-sajak beunangna Cucu Nurzaman téh diterbitkeun. Sigana, urang bakal manggihan nu rada béda di jerona téh.
*
Aya dua novel anu dibahas ku Teddi sarta perlu dibandungan kalawan daria. Nyaéta Lain Éta beunangna Moh. Ambri jeung Saéni beunangna Hadi AKS. Boh Ambri boh Hadi duaanana ogé guru sanajan béda jaman jeung béda pamiangan lingkunganana. Ambri urang Priangan anu jadi guru (jeung redaktur Balé Pustaka) dina jaman Walanda, ari Hadi urang pakidulan Banten jadi guruna kaayeunakeun. Néng Éha anu jadi tokoh utama dina Lain Éta jeung Saéni téh duanana ogé awéwé. Néng Éha hirup dina lingkungan anu ngaménak, ari Saéni ubrug (ronggéng) anu digedékeunana téh di tengah para pamayang.
Ménak jeung pamayang atawa ronggéng, tangtu misah-misah tata-titi jeung kahirupan sapopoéna. Béda adab-adabanana jeung séjén deui udagan hirupna.
Dina lebah gaya nyaritana sigana anu perlu dicatet di dieu téh. Ku Teddi sasatna dipateungteungkeun. Lain Éta téh ditulisna réalis, minangka wanda anyar pikeun mangsa harita mah. Upamana waé dina lebah ngabédakeun antara Juragan Kalipah anu ngaménak sarta usik malikna dina papagon agama jeung Mahmud anu sakolaan, lain ménak jeung jauh tina agama.
Ari anu diguar ku Hadi, sabenerna mah rada unik lamun dipatalikeun jeung tatanan sosial urang umumna. Ijan kapincut ku Saéni tapi duriatna pegat lantaran Saéni kalah jadi indung téréna. Nu rada nenggang téh deuih patarenggangna sawangan Ambri jeung Hadi ngeunaan tokoh-tokoh utamana. Kasang tukang kahirupan Néng Éha, pajamanan awal abad ka-20. Meureun bisa disebutkeun jaman normal kénéh harita mah. Ari Saéni hirup dina jaman modéren. Tatanan sosial jeung moralna jauh bédana. Tapi lamun Ambri téga nyurungkeun Néng Éha kana kahirupan bébas (kumpul kebo), Hadi mah ti awal nepi ka ahir téh nempatkeun Saéni dina tatapakan anu pageuh. Sok padahal kahirupan di lingkungan ubrug mah lolongkrangna leuwih bébas.
Perlu disebutkeun di dieu, kesan saperti kitu téh saméméhna mah henteu karasa. Maksud téh henteu pati aya karep pikeun ngabanding-banding. Mucunghulna téh kakara sanggeus maca tulisan Teddi. Bisa jadi interprétasina méngpar. Teu nanaon da nu kitu mah lumrah. Ngan, lebah dieu sigana pentingna éséy-éséy anu dikumpulkeun dina ieu buku téh. Lain waé sakadar anu aya patalina jeung Lain Éta katut Saéni, di mana Ambri jeung Hadi anu ngawayangkeunana. Tapi ogé patalina jeung éséy-éséy nu séjénna.
Enya, tulisan Teddi téh parondok. Tapi ku lantaran parondok téa perlu dibaca, babakuna ku mahasiswa Jurusan Sastra Sunda atawa saha waé anu gedé katineungna kana kahirupan sastra Sunda ti harita nepi ka ayeuna. Ku éséy-éséyna anu parondok, Teddi sasatna nawarkeun lolongkrang pikeun ngajurung karep kana ambahan anu leuwih jauh jeung leuwih lega. Lain sakadar ulukutek dina palataran sastrana, tapi ogé ngambah kana kahirupan anu leuwih jauhna deui, kaasup robah-robahna padika lingkungan jeung sosial. Sigana mah ti dinya ogé bisa bras kana jirim manusana, boh lahirna boh batinna. Lamun téa mah aya anu gemet niténan sastra Sunda klasik harita jeung sastra modéren ayeuna, sigana bakal aya beubeunanganana anu penting tur dipikabutuh ku urang saréréa.
Lamun téa mah medalna Baruang ka nu Ngarora karyana D.K. Ardiwinata dipaké tatapakan pamianganana, lalampahanana nepi ka ayeuna téh geus pirang-pirang warnana. Kitu deui puisi-puisina. Maksud téh, lahan garapeunana mah geus nyampak. Matak ngahudang kapanasaran puguh gé lamun brasna ka dinya mah.

Mengganggu tapi Perlu~Hawe Setiawan

https://www.pikiran-rakyat.com/kolom/pr-01598343/mengganggu-tapi-perlu
Sejauh yang tertangkap oleh perasaan saya, yang belum tentu benar, kritik Ajip Rosidi (AR) di lingkungan sastra Sunda adalah gangguan yang diperlukan. Orang mungkin tidak senang, bahkan tidak mustahil terguncang, mendapat kritik dari AR tapi kritiknya tidak bisa diabaikan. Lagi pula, AR sanggup melakukan apa yang dia tulis selain menulis tentang apa yang dia lakukan.

Alhamdulillah, sekarang saya bisa memeriksa perasaan saya sendiri karena telah terbit Renaisans Sunda: Fungsi Sosial Kritik Sastra Sunda Ajip Rosidi (2020) karya Teddi Muhtadin, ahli sastra Sunda dari Unpad juga penyair dan esais. Dalam buku 96 halaman ini Teddi mengevaluasi tulisan-tulisan AR yang tergolong ke dalam kritik sastra dan ditulis dalam bahasa Sunda. Jadi, buku ini berisi kritik atas kritik atau tulisan tentang tulisan.

Ning, Sebuah Kado Pernikahan~Jasepudin

https://www.kompasiana.com/djadjas/5d2a6e450d8230490a717567/ning-sebuah-kado-pernikahan

Dibandingkan penulis novel atau naskah drama regenerasi penyair Sunda termasuk bagus dan berkesinambungan. Setelah era Kis Ws, Wahyu Wibisana, Sayudi, Etti RS dan Godi Suwarna, kini tongkat estafet sajak Sunda dilanjutkan oleh angkatan Teddi Muhtadin. Ketimbang para penyair lainnya, nama Teddi Muhtadin memang kurang ‘berkibar’. Bahkan, dalam antologi ‘Sajak Sunda’

Gambar Jilid
yang dieditori oleh Ajip Rosidi kita tidak akan menemui satu bijipun sajak karya Teddi.