Arsip Bulanan: Februari 2016

Waduk

Monolog

Sok sanaos kalebet kana basa cohag, kasar, atawa garihal, nanging ayeuna mah kawas nu parantos prah diucapkeun. Teu matak kagok ngedalkeunana, teu matak ningnang ngadanguna: Waduk! Hé hé…. Paralun, sanés badé ngageugeuleuh. Da unggal jalma pada boga. Sato-sato ogé henteu kaliwat. Atuh dina koran jeung dina tivi, komo dina médsos mah pada medar mangpaat jeung madaratna. Waduk: gedé mangpaatna, tapi rujit jeung jadi sumber panyakit. Cenah geuning ceuk berita nagara geus nyayagikeun waduk keur kapentingan ra’yat. Malah geus ti béh ditu kénéh Juragan Waprés uar-uar yén Pamaréntah parantos nyiapkeun anggaran “ganti untung” kanggo masarakat anu lemburna kawadukan. Ari Bapa Gubernur mah sami’na wa atho’na waé. Nanging, anjeunna hémeng, ku naon cenah masarakat téh keukeuh teu daék waé ingkah, kapan “ganti rugi” geus dipasrahkeun. Ceuk itu untung ceuk ieu ganti rugi. Saha nu untung saha nu rugi, nya? “Éy naha waduk nanahaon, mana ahéng-aheng teuing. Cenah, gedé pisan mangpaatna keur balaréa deuih,” ceuk Mang Usman. “Waduk emang mah hé hé… ukur mangpaat keur guramé wé, Dén.” “Béda atuh nu emang jeung kagungan Persidén mah,” ceuk Ahdi ngaheureuyan. “Heueuh nya. Béda nu didaharna, béda nu dikaluarkeunana. Hé hé… Atuh da, nu didahar nu Emang mah apa atuh. Daging awis, béas mahal, rupia taya hargaan. Nya wajar wé lamun nasib nu Emang mah ukur dicapluk lauk ogé.” Béda jeung para pejabat, masarakat mah bangun cangcaya kana mangpaat waduk téh. Manaréhna mah kalah démo. Juru hoakna ngayakeun orasi anu medar madarat waduk. Dina spanduk jeung status médsos dijeblagkeun kalimat-kalimah: “Waduk itu Menjijikan”, “Dilarang Ngawaduk di Sinih”, “Dilarang Ngawaduk Sembarangan”, “Stop Ngawaduk di Tempat Keramat”, jsté. “Na saha anu wani-wani miceun kokotor di tempat karamat, Dén?” Ceuk Mang Usman. “Nurustunjung! Jelema teu nyaho di tatakrama éta mah. Emang gé nyaho nu kitu-kitu waé mah. Sok sanajan mangpaat keur nu miceun, waduk mah angger wé waduk. Ngeunah keur sorangan, madarat keur nu lian. Katénjona geuleuh, kaambeuna bau. Naha teu nyaho kitu laleur bakal daratang ti mana-mana? Terus eunteup kana kadaharan. Apan éta téh sumber panyakit. Karuhun mah, baheula, lamun rék kahampangan ogé kudu kaluar ti jajalaneun. Komo ieu miceun. Kudu di tempat singkur, anu jauh ti tempat umum. Ari ieu bet ngawelu di makam karamat. Tai kahulu-hulu. Saha mangkelukna éta téh, Dén?” Ah teu dibéjakeun saha-sahana. Tapi enya, teu kira-kira. Dapon keur kapentingan umum, wani ngabuburak urang lembur. Gara-gara waduk jelema paburisat. Dasar waduk! Pikiran waduk geus ngubur puluhan kabuyutan, puluhan sakola, réwuan imah, masjid jeung musola, katut sajarahna.

Lélés, 31 Agustus 2015